Minggu, 10 Mei 2015

Basa Sunda

Jejer Sawala :
“Acara televisi ngarojong atawa ngaganggu kegiatan diajar”
Assalamu’alaikum wr.wb
    Ibu guru kalih rerencangan sadaya anu di pihormat, dina sawala danget ieu sim kuring sapakaranca ti kelompok 1 bade medar pasualan “Acara televisi ngarojong atawa ngadukung kagiatan diajar”.
    Ieu pasualan teh peryogi disawalakeun, jalaran beuki dieu ku urang beuki sering kakuping yen acara televisi ngaganggu kana kagiatan diajar. Naon anu ngalantarakeunana, sareng kedah kumaha urang ngungkulanana? Sumangga urang padungdengkeun dina ieu sawala. Pamair sareng pamadegan ti sadayana kalintang diarep-arepna, supados ieu sawala teh aya manpaatna.
    Rerencangan sadayana !
    Urang kantos nguping yen Acara televisi teh ngarojong atawa ngaganggu kana kagiatan diajar. Seleresna mah acara televisi teh ngarojong atawa ngaganggu eta mah kumaha urangna.
    Dina zaman ayeuna nu tos modern, memang seeur acara televisi anu matak ngaganggu kana kagiatan diajar, tapi teu sakedik oge acara televisi anu ngadukung kana kagiatan diajar.
    Acara televisi anu matak ngaganggu kana diajar nyaeta acara televisi saperti sinetron anu aya kalakuan di lebet sinetron eta teh teu ngadidik atawa  kalakuan seks bebas nu dipertontonkeun, atawa adegan kekerasan, atawa mode pakean nu ningalkeun aurat eta teh kadang-kadang sok dicontoan ku para pelajar.
    Tah,  kalakuan anu aya di jero sinetron eta teh matak ngaganggu kana kagiatan diajar, memang itu teu sadayana tapi saheteuna ku para pelajar ayeuna nu hoyong katinggal gaul nepi ka ngorbankeun kagiatan diajar, da ninggal dinu acara televisi. Contona waktu diajar ngadon nongkrong, ngaroko, eta teh nyonto kalakuan tina nonton televisi.

    Rerencangan sadayana !
Tapi dinu acara televisi oge aya manfaatna nyaeta anjeun bisa menyegarkan pikiran kalawan nyaksian rupa-rupa tayangan hiburan ti stasiun televisi, contona kuis sarta acara-acara hiburan sejenna. Kalawan lalajo televisi anjeun bisa ngaleungitkeun kepenatan anjeun ku kituna henteu gampang stress.

    Televisi umumna ngeunaan informasi-informasi sarta warta terkini anu keur lumangsung di mana wae, wawasan anjeun oge nambahan lega sarta henteu tinggaleun informasi. Televisi loba oge nyajikan acara-acara anu nyambung kalawan atikan, hal ieu tangtu alus sarta pohara kapaké pikeun kanyaho sarta wawasan para pelajar.

Lamun televisi menyajikan acara-acara anu nyambung kalawan atikan, hal ieu tangtu pohara kapaké pikeun para pelajar. saurang pelajar meunang mangpaat mangrupa informasi atikan ti acara nu aya di televisi.

Bapa/Ibu Guru kalih rerencangan sadayana !
Rupina eta jejer pasualan anu diasongkeun ku kelompok sim kuring saparakanca kanggo bahan sawa-lakeuneun urang danget ieu. Sim kuring saparakanca moal medar papanjangan da teu tiasa.
Wassalammualaikum wr.wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar